Bonang nyaéta waditra tradisional anu kaasup kana perangkat gamelan[1]. Ieu waditra dimaénkeun ku cara ditakol maké panakol husus keur bonang[1]. Bonang mangrupa waditra anu hampir sarua jeung goong nyaéta bentukna nonjol (disebut penclon), tapi leuwih leutik[1]. Bonang asal kecapna tina kecap Bo=Bobo/ saré jeung nang= benang. Mun ditingali cara masangna, penclon-penclon bonang disimpen di Luhur benang-benang[1]. Bonang disebut ogé kolénang anu mangrupa akronim ti; Nakol- Balé-balé- Benang, ahrtina “Nakol nu aya dina balé-balé nu maké benang. Ancak bonang siga tempat diuk anu maké benang[1]. Sacara umum, bonang téh aya dua, nyaéta bonang barung jeung bonang panerus, bédana ari bonang panerus mah saoktaf leuwih luhur batan bonang barung najan sacara bentuk mah ampir sarua[2].