Hikayat (hikayah, Arab) hartina carita, warta.[1] Hikayat mangrupa wangun prosa heubeul sastra Melayu, boh lisan boh tulisan, eusina rupa-rupa, saperti: sajarah, biografi, agama, undang-undang, silsilah, jeung carita-carita pralogis lainna.[1] Ciri hasna nyaéta sumanget perjuangan.[1] Kusabab éta para palakuna nyaéta raja, pangéran, jeung kahirupan istana tina umumna.[1] Conto-conto hikayat, di antarana: Hikayat Hang Tuah, Hikayat Iskandar Zulkarnain, Hikayat Nabi Bercukur, jeung Hikayat Amir Hamzah.[1] Dikaitkeun kana kamekaran sastra Indonésia modern, hikayat hakékatna dianggep minangka embrio wangun roman saperti nu mekar ti saprak Balai Pustaka (1920-an).[1]