Manokwari nyaéta ibu kota Provinsi Papua Kulon anu aya di Kabupatén Manokwari. Ieu kota téh mangrupa salah sahiji tempat nu loba sajarahna pikeun masarakat Kristen Protestan. Dina 5 Pébruari taun 1855 aya dua urang penginjil nu datang ka Pulo Mansinam.[1] Éta penginjil téh datang sangkan nyebarkeun agama Kristen Protestan ka suku-suku nu loba kajadian-kajadian, contona gelut.
Kota ieu ogé ngabogaan kaéndahan alam, kaasup psisisr pantai éndah, tutuwuhan nu rimbun, nu mangurpa daya tarik pikeun wisatawan ngadatangan wewengkon ieu.[1]
Manokwari bisa disebut ogé kota Injil, kusabab injil mimiti sumebar nyaéta di wilayah ieu. Ku kituna Mayoritas masarakat Manokwari nganut agama Kristen Protestan (60,88%), aya Kristen Katolik (7,87%), Islam (31,09%), Hindu (0,09%), jeung Buddha (0,07%) tina taun 2021.[2]