Aksara Pegon atawa Arab Pegon (disebut ogé aksara Jawi) nyaéta aksara Arab nu diadaptasi pikeun nulis basa Malayu, basa Jawa, jeung basa Sunda (jeung di Nusantara umumna nu kapangaruhan Islam?). Aksara ieu mangrupa salah sahiji aksara resmi di Brunéi, sarta (kungsi) di paké di Malaysia, Filipina, Indonésia, jeung Singapura, utamana di kalangan Muslim.