Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Ageman

Agama atawa Ageman nyaéta sistem anu ngatur kapercayaan tur paibadahan ka Gusti Nu Mahakawasa sarta kaédah anu patali jeung budaya, tur sawangan dunya anu ngahubungkeun manusa jeung tata kahirupan. Réa agama anu mibanda mitologi, simbol, jeung sajarah suci anu dimaksudkeun pikeun ngajelaskeun ma'na hirup jeung asal-usul kahirupan atawa jagad raya. Tina kayakinan maranéhna ngeunaan kosmos jeung pasipatan manusa, loba jelema meunangkeun moralitas, étika, hukum agama, atawa kalangenan séwang-séwangan. Miturut sababaraha pakiraan, aya kira-kira 4.200 agama di dunya.[1]

Kecap Agama asalna tina basa Sanskerta, nyaéta tina suku kata "a" anu hartina henteu, jeung "gama" anu hartina kacau. Meureun pihartieunna, agama miboga harti teu kacau, atawa ayana aturan pikeun ngahontal tujuan nu tangtu. Istilah lain anu miboga harti idéntik jeung kecap réligi atawa religere dina basa Latin, anu miboga harti beungkeutan, atawa merhatikeun kasasama.[2]

  1. The Everything World's Religions Book: Explore the Beliefs, Traditions and Cultures of Ancient and Modern Religions, page 1 Kenneth Shouler - 2010
  2. Imron, M. Ali (2015). Sejarah Terlengkap Agama-agama di DuniaImron. Jakarta: IRCISOD. p. 10. ISBN 9786027696501.  Disungsi 1 Juni 2024

Previous Page Next Page






Адин AB Agama ACE Godsdiens AF Religion ALS ሃይማኖት AM Relichión AN دين (معتقد) Arabic ܬܘܕܝܬܐ ARC دين ARZ ধৰ্ম AS

Responsive image

Responsive image