Apu basa Inggris (Chalk) (pronunciation: /ˈtʃɔːk/) nyaéta tipung bodas anu dijieun tina batu ''sédimen'', batu apu asalna tina jero laut anu mangrupa gelempengan kalsium (coccoliths) anu diwangun tina mikroorganisme coccolithophores. Dina batu apu ilahar ogé di jerona kapanggih batu panékér (Rijang) pikeun mirun seuneu.[1]
Apu henteu gampang ngalaman pelapukan, ku lantaran kitu apu mindeng kapanggih dina jumlah anu loba dina wangun anu ngagawir, apu ogé mibanda kakuatan nahan cai anu nyangkrung dina sela-selana ogé nandéan cai taneuh anu ngalir sagigireuna, ku alatan kitu batu apu mangrupa ''reservoir'' alam anu baris ngaluarkeun cai lalaunan mangsana usum halodo [2].