Aristoteles nyaéta salah saurang filsuf gedé sapanjang sajarah dunya. Rupa-rupa tuisanana jadi dadasar pikeun kamekaran élmu falsafah, fisika, matématika, pulitik, pamaréntahan jeung pangaweruh alam. [1]
Aristoteles lahir di Stagira Chalcidice, Thracia, Yunani taun 384 SM. [1] Anjeunna katurunan saurang ahli tatamba ti Makédonia. [1] Aristoteles ancrub kana pamikiran jeung pangaweruh ti mimiti umur 17 taun. [1] Anjeunna guguru jeung Plato anu satuluyna jadi pangajar di Akademi Plato salila kurang leuwih 20 taun. [1] Nalika muridna (Alexander Agung) ngawasa di Makédonia, Aristoteles balik deui ka Yunani jeung ngadegkeun akademi anu dingaranan Lyceum. [1] Sabada kakawasaan Alexander Agung nyirorot jeung ahirna runtag, Aristoteles hirup dina panglumpatan pikeun ngingkahan pembunuhan siga anu dialaman ku Socrates. [1] Anjeunna ahirna tilar dunya di pangungsian taun 322 SM[1]
Pangaruh Aristoteles kana cara mikri Barat pohara jerona. [2] Dina jaman baheula jeung pertengahan, hasil karyana ditarjamahkeun kana basa-basa Latén, basa Arab, basa Italia, Perancis, Ibrani, Jerman jeung Inggris. [2] Panulis-panulis Yunani anu mucunghul sabadana, kitu ogé filuf-filsuf Byzantium diajar kana karyana jeung neundeun rasa kagum anu pohara gedéna. [2]