Azərbaycan Respublikası Républik Azerbaijan |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Lagu Azərbaycan marşı (Mars Azerbaijan) |
||||||
Lokasi Azerbaijan
|
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Baku | |||||
Basa resmi | Basa Azerbaijan | |||||
Démonim | Azerbaijan | |||||
Pamaréntah | Républik présidénsial | |||||
- | Présidén | Ilham Aliyev (İlham Əliyev) | ||||
- | Perdana Mentri | Ali Asadov (Əli Əsədov) | ||||
Pawangunan kanagaraan | ||||||
- | Albania Kaukasus | abad ka-4 SM |
||||
- | Atabeg Azerbaijan | 1135 |
||||
- | Républik Démokratik Azerbaijan | 28 Méi 1918 |
||||
- | républik Sosialis Soviét Azerbaijan | 28 April 1920 |
||||
- | Kamerdikaan ti Uni Soviét Didéklarasikeun Dilengkepkeun |
30 Agustus 1991 18 Oktober 1991 |
||||
Aréa | ||||||
- | Total | 86600 km² (ka-113) 33436 mil² |
||||
- | Cai (%) | 1,6% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 9.165.000[1] (ka-89) | ||||
- | Sénsus 1999 | 7.953.438 | ||||
- | Kapadetan | 105,8 /km² (ka-103) 274,1 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $94,318 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $10.340[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $72,189 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $7.914[2] | ||||
Gini? (2008) | 33,7[3] (sedeng) | |||||
HDI (2010) | 0,713[4] (luhur) (ka-67) | |||||
Mata uang | Manat (AZN ) |
|||||
Zona wanci | AZT (UTC+04) | |||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+5) | ||||
TLD Internét | .az | |||||
Kode telepon | +994 |
Azerbaijan (Basa Azerbaijan: Azərbaycan), resmina Républik Azerbaijan (Basa Azerbaijan: Azərbaycan Respublikası) nyaéta hiji nagara di wewengkon Kaukasus di Eurasia. Aya dina silang Asia Kulon jeung Éropa Wétan,[5] nagara ieu diwatesan ku Laut Kaspia di wétan, Rusia di kalér, Géorgia di kalér-kulon, Arménia di kulon, sarta Iran di kidul. Eksklave Nakhchivan diwatesan ku Arménia di kalér jeung wétan, Iran di kidul jeung kulon, kalawan wates pondok jeung Turki di kalér-kulon.
Azerbaijan téh mangrupa hiji républik kahijian sékulér. Nagara ieu mangrupa salsahiji ti 6 nagara Turk merdika ogé hiji anggota aktip ti Déwan Turk sarta komunitas TÜRKSOY. Azerbaijan miboga hubungan diplomatik kalawan 158 nagara sarta mangrupa anggota dina 38 organisasi internasional.[6] Nagara ieu mangrupa salah sahiji anggota pawangun GUAM sarta Organisasi keur Palarangan Pakarang Kimia sarta Pasamakmuran Nagara-Nagara Merdika (CIS).[7] Dina 9 Méi 2006, Azerbaijan dipilih pikeun kaanggotaan dina Déwan Hak Asasi Manusa ku Majelis Umum Pasarikatan Bangsa-Bangsa (wayah jabatan mimiti 19 Juni 2006).[8]