Beuti nyaéta bagéan tina tatangkalan anu ngarandapan parobahan ukuran jeung wangunna jadi ngagedéan ku alatan ayana parobahan kagunaan, mangka anatomina ogé milu robah.[1] Bagian awak tatangkalan anu ngarandapan parobahan, utamana aya dina tangkal akar, atawa parobahan lianna.[2][3] Aya ogé tangkal anu ngalibatkeun daunna dina ngabeuti, sok sanajan jumlahna kacida saeutik.[1] Beuti biasana ngajendul handapeun taneuh tempatna bisa déét atawa rada jero tina luhureun taneuh.[2][4]
Robahna anatomi jeung morfologi ieu ku lantaran hiji akibat tina modifikasi kagunaan bagian awak.[5] Ditempo tina sisi évolusi, beuti téh lain ngan saukur organ anu dipaké pikeun neundeun énergi tapi leuwih ti éta, taya lian pikeun ngajaga kalumangsungan hirup, ngahasilkeun katurunan utamana dina kaayaan anu ngabahayakeun kalumangsungan hirupna.[5] Ku kituna beuti téh ilaharna neundeun cadangan énergi anu kacida lobana, kandungan énergi anu aya dina beuti biasana loba ngandung karbohidrat.[6][7]
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama Safitri
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama Rukmana
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama karbo