Biologi mangrupa élmu ngeunaan mahluk hirup.[1] Ulikanana museur dina ciri jeung paripolah organisme, cara tumuwuhna spésiés jeung individu, sarta interaksi hiji jeung nu séjénna tur lingkunganana. Biologi asal tina kecap (bios= hirup, logos = élmu) bisa dikiratakeun biologi téh élmu pangaweruh anu museur dina widang mahluk hirup. [1]