Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.
Buncis
Buncis (Phaseolus Vulgaris) kaasup kana kelas kacang-kacangan (papilionaceae)[1] nyaéta sarupaning kacang papanan, cangkangna kandel jeung sikina leutik, ari panjangna saramo gépeng eusina aya tilu atawa lima siki[2].[3]
Sok disebut ogé kacang buncis atawa cis buncis[2]. Buncis dialana keur ngora kénéh, sabab lamun diantep nepi ka kolot cangkangna sok liat, ari diasakanana diangeun katut cangkangna sabab rangu[2].
↑Rosidi, Ajip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya. Jakarta: Pustaka Jaya
↑ abcDanadibrata,R.A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung:Kiblat Buku Utama, kaca 113