Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Cahya mangrupa salah sahiji bentuk énergi gelombang éléktromagnétik anu bisa ditempo ku panon.[rujukan?] Cahya ogé mangrupa dasar ukuran pikeun hijian panjang méter: 1 méter nyaéta jarak anu diliwatan cahya dina rohangan hapa dina waktu 1/299,792,458 detik.[rujukan?] Laju cahya nyaéta 299,792,458 méter pér detik.[rujukan?]
Cahya diperlukeun dina kahirupan sapopoé.[rujukan?] Panonpoé nyaéta sumber cahya utama di Bumi.[rujukan?] Tutuwuhan héjo merlukeun cahya pikeun nyieun kadaharan.[rujukan?]
Sipat-sipat cahya nyaéta, cahya ngarambat lempeng ka sakabéh arah.[rujukan?] Buktina nyaéta urang bisa nempo hiji lampu anu murub ti sagala juru dina hiji rohangan nu poék.[rujukan?] Lamun cahya kahalang, bayangan anu dihasilkeun dibalukarkeun ku cahya anu ngarambat henteu bisa méngkol. Tapi cahya bisa dipantulkeun.[rujukan?]