Central Intelligence Agency (disingket CIA; Badan Intélijen Puseur) nyaéta hiji badan intélijen sipil ti Amérika Sarikat. Badan ieu mangruoa lembaga éksekutif nu aya langsung handapeun Pangarah Intélijen Nasional. CIA nagentoskeun Office of Strategic Services (OSS; Badan Palayanan Stratégis), nu diwangun nalika Perang Dunya II sangkan ngatur kagiatan spionase kana Blok Poros.