Gamelan sacara étimologis asal kecapna tina basa Jawa nyaéta Gamel anu hartina nabeuh .[1] Gamelan mangrupa pakakas musik tradisional anu tumuwuh di Daérah Jawa hususna Jawa Barat, gamelan dipaenkeun ku sababaraha jalma gumantung kana pakakas anu dipaké.[1][2] Indonésia mangrupa bangsa anu miboga kabudayaan jeung kasenian anu kacida réana di unggal daérah miboga kasenian dumasar daérah séwang-séwangan, di antarana waé gamelan .[1] Aya pakakas séjén dina gamelan nyaéta gambang, kendang, métalofon jeung goong.[1]