Gerakan Non-Blok (GNB) Non-Aligned Movement |
||
---|---|---|
![]() Nagara-nagara anggota Gerakan Non-Blok (2005). Warna biru ngora mah mangrupa nagara panilik.
|
||
Bagian Koordinasi | Jakarta, Indonésia | |
Kaanggotaan |
|
|
Pupuhu | ||
- | Pupuhu bagian panangtuan kaputusan |
Konferénsi Pupuhu Nagara atawa Pamaréntah Nagara-nagara Non-Blok[1] |
- | Sekretaris jénderal | Hassan Rouhani |
Ngadeg | 1961, di Belgrade minangka Conference of Heads of State of Government of Non-Aligned Countries | |
Ramatloka csstc |
Gerakan Non-Blok (basa Inggris: The Non-Aligned Movement/NAM) nyaéta hiji paguyuban nagara-nagara anu teu nganggap dirina ngagabung jeung atawa ka blok kakuatan badag naon baé[2]. Taun 2012, gerakan non-blok geus boga 120 nagara anggota jeung 17 nagara panilik[2]. Ieu organisasi diadegkeun di Belgrade dina taun 1961, nu mimiti dirarancangna ku perdana mentri munggaran India, Jawaharlal Nehru; présidén munggaran Indonesia, Sukarno; présidén kadua Mesir, Gamal Abdel Nasser; présidén munggaran Ghana, Kwame Nkrumah; jeung présidén Yugoslavia, Josip Broz Titoref[3]. Kalima pamingpin éta anu teu nyatujuan pisan kana sistim harita anu silihserang antara nagara-nagara blok kulon jeung blok wétan samangsa Perang Tiis[3]. Kecap éta sorangan mimiti digunakeun pikeun ngawakilan kana hiji doktrin ku diplomat India V. K. Krishna Menon dina taun 1953, di PBB[3].
Dina biantarana na nu tas ditepikeun dina déklarasi Havana taun 1979, Fidél Castro ngedalkeun maksud tina ieu organisasi nyaéta pikeun ngajamin "kemerdikaan, kadaulatan, integritas téritorial, jeung kaamanan ti nagara-nagara nonblok" dina pajuanganna "ngalawan impérialisme, kolonialisme, neo-kolonialisme, apartheid, zionisme, rasisme sarta sarupaning bentuk agrési militér, pandudukan, dominasi, intervensi atawa hégémoni, ogé ngalawan sarupaning bentuk blok pulitik"[4]. Nagara-nagara anggota Gerakan Non-Blok mah diperkirakeun dua pertilu tina anggota PBB sarta mibanda 55% tina populasi dunya[5].