Immanuel Kant (gumelar di Königsberg, Kerajaan Prusia, 22 April 1724 – tilar dunya di Königsberg, Kerajaan Prusia, 12 Pébruari 1804 dina umur 79 taun). Kiwari, kota kalahiranana ngaranna Kaliningrad di Rusia. Anjeunna ti kulawarga pengrajin basajan. Nalika Kant keur ngora, bisnis anu dipiboga ku bapana bangkrut. Kahirupan kulawargana kudu dirojong ku kulawarga nu séjénna sapiri umpi. Kant miboga sikep handap asor jeung disiplin anu luhur.
Kant tuluy jadi professor logika jeung metafisika di Universitas Königsberg. Anjeunna rutin midangkeun ceramah ngeunaan géografi fisik. Ieu kagiatan terus dilaksanakeun sapanjang taun 1796. Dina bubuka kuliahna, anjeunna nekenkeun tempat géografi di dunya ilmiah. Anjeunna méré dadasar filosofis géografi salaku pangaweruh ilmiah.