Kadu atawa durén; Durio zibethinus nyaéta ngaran tuwuhan tropis anu asalna ti Asia Tenggara, ogé ngaran buahna anu bisa didahar.[1] Kecap durén dicokot tina ciri kulit buahna anu teuas sarta cucukan seukeut.[2]
Tuwuhan ieu lain spésies tunggal tapi sagolongan tuwuhan ti marga (genus) Durio. Ngaran ilmiah kadu komérsial nyaéta Durio zibethinus. Jinis-jinis kadu séjén anu bisa didahar sarta kadangkala kapanggih di pasar-pasar di Asia Tenggara ngawengku D. kutejensis (lai), D. oxleyanus, D. graveolens (kadu kuya), sarta D. dulcis (lahong).[3]
Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina.
Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan. Richard Sterling (dinaThe Travelling Curmudgoen) nulis: "ambeuna jiga pisan jeung kokotor babi, terpentin sarta bawang, sarta dipapaésan ku kaos kaki kotor ti lapangan olah raga. Ambeuna kaangseu ti kajauhan." Aya ogé anu ngagambarkeun ambeu kadu kawas ambeu anu kaluar tina treuk runtah.
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama Vernakular