Kamus nyaéta buku anu nerangkeun hiji-hijina kecap.[1] Kamus miboga fungsi pikeun nambahan pangaweruh hiji jalma ngeunaan kandaga kecap ti mimiti harti kecapna, asal-usulna (etimologi) hiji kecap tug nepi ka cara ngagunakeun éta kecap.[2] Kecap kamus asalna tina basa Arab qamus (قاموس) kalawan wangun jama'na qawamis.[1] Kecap qamus sorangan asalna tina basa Yunani Ωκεανός (okeanos) nu miboga harti sagara.[3]