Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Kiwi

Kiwi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Apterygidae

G.R. Gray, 1840
Génus:
Apteryx

Shaw, 1813

Kiwi (Apteryx) nyaéta manuk anu aslina ti nagara Selandia Anyar.[1] Manuk kiwi mah henteu bisaeun hiber malahan hente katembong mibanda jang-jang, ku lantaran jang-jangna leutik jeung pondok.[1] Buluna kawas sato mamalia, henteu kawas manuk atawa unggas anu séjéna.[1] Mangsa nyiar hakanen kiwi kukulunuan di luhureun taneuh, ngandelkeun pangambeuna anu kacida kuatna.[1] Liang irungna aya dina tungtung pamatukna anu panjang, kahakanan karesepna kayaning cacing, gegeremet, sakapeung ogé kana sisikian.[1] Pangawakan kurang leuwih sagedé hayam, beuratna nepika 4 kg.[2] Sanajan awakna leutik endog manu kiwi mah kawilang gedé, beurat endogna méh saparapat tina awakna.[1] Kurang leuwih beurat rata-rata 450 gr atawa 9 kali leuwih beurat batan endog hayam.[1] Manuk kiwi mah endogan ngan hiji dina sakali usum ngendog.[1]

Manuk kiwi téh sato nokturnal, hartina manuk kiwi mah mimiti ingkah tina sayang atawa panyumputan mangsa geus datang poék peuting.[3] Sanajang manuk kiwi mangrupa perlambang nagara Selandia Anyar, ieu manuk henteu bisa kitu waé katempo kumelendang di alam bebas.[3] Manuk kiwi pamatukna panjang, henteu mibanda buntut, panonna kurang awas mangsa nyiar hakaneun tapi pangangseuna seukeut kacida.[2] Sanajan sukuna pondok, manuk kiwi bisa norolong lumpat kalawan gancang mangsa panggih jeung pibahayaeun.[2] Kiwi mah endogna ngan hiji dina sakali usum ngendog.[2]

  1. a b c d e f g h Wulan, Bobby P, Fidyastria S. (2014). Dunia Burung dan Serangga: Mengenal Fakta Sains dan KeunikannyaSERI BUKU PINTAR DUNIA. Jakarta: Zikrul Hakim Bestari. p. 42. ISBN 9789790639690. 
  2. a b c d Farndon, John (2003). Ensiklopedia mini hewan. Jakarta: Erlangga for Kids. p. 81. ISBN 9789796889891. 
  3. a b Natalia Poskitt, SusanS. Dunia Burung dan Serangga: Mengenal Fakta Sains dan Keunikannya SERI BUKU PINTAR DUNIA. Jakarta: Bentang B first. ISBN 9786021246962. 

Previous Page Next Page






Apteryx AN Fiðerlēasere ANG كيوي (طائر) Arabic الكيوى ARZ Apteryx AST Mispo (Apteryx) AVK Kivi (quş) AZ کیوی (قوش) AZB Kiwi (paksi) BAN Ківі (птушка) BE

Responsive image

Responsive image