Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Krisdayanti

Krisdayanti
Krisdayanti, anggota PDIP 2019 - 2024.
Gumelar24 Maret 1975 (1975-03-24)
Batu, Jawa Timur, Indonesia
KabangsaanIndonesia
PagawéanArtis, Politisi, Penyanyi
Pasangan
KolotnaTrenggono
Rachma Widadiningsih
Kulawarga
Karir musik
Aliran
Alat musikVokal
Lébel
Maén di
Krisdayanti

Krisdayanti nyaéta saurang artis sarta penyanyi nu kaceluk di Indonesia.[1] Manéhna miboga ngaran panggero KD, Yanti atawa Kris.[1] Manéhna nyaéta adi kandung ti penyanyi Yuni Shara.[1] Yanti lahir di Batu, Jawa Timur dina tanggal 24 Maret 1975.[1] Manéhna anak ti pasangan Trenggono sarta Rachma Widadiningsih.[1] Dina umur 9 taun, manéhna ngeusian lagu pengiring dina film Megaloman.[1] Tilu taun saterusna, manéhna nyieun album kahiji, Burung-burung Malam, disusun kalayan OST Catetan Si Emon.[1] Waktu diuk di bangku Sakola Menengah Atas, Yanti berpartisipasi dina loba kompetisi menyanyi sarta pintonan modél.[1] Dina taun 1991, manéhna jadi finalis dina GADIS Sampul, kontes sampul wanoja.[1] Dina waktu éta ogé, manéhna panggih jeung James Sundah sarta ngarékam dua lagu pikeun manéhna, ti saprak dinya Yanti jadi narima loba ondangan pikeun nyanyi sarta jadi modél.[1] Krisdayanti papanggih jeung Younky Soewarno sarta Chris Pattikawa.[1] Ngaliwatan arahan maranéhanana ogé, Krisdayanti nuturkeun acara Asia Bagus sarta jadi juara grand final féstival Asia Bagus di Jepang dina taun 1992.[1]

Mawa bekel kamenangana di Asia Bagus, Krisdayanti ngarékam album di Singapura kalayan label Pony Canyon sarta saterusna ngaluarkeun singel anu ngan medar di Singapura sarta Jepang.[1] Dina taun 1997, Krisdayanti kapilih minangka "The Best of Asia Bagus" (Anu pangalusna ti Asia Bagus).[1] Manéhna ogé meunang sawatara pangajén kawas "Album Indonésia Pangalusna" di Malaysia dina taun 1999, pangajén musik vidéo MTV ogé ngaanugrahaan Krisdayanti jeung pangajén "Most Wanted Female Artist" sarta "Most Wanted Indonesian Vidéo".[1] Sapanjang taun 2004, manéhna ngayakeun dalapan kali konser di sagala rupa tempat, kaasup di kancah internasional.[1] Lagu-laguna anu jadi hits sarta mindengna ngayakeun konser ngajadikeun manéhna jadi aktris pangmahalna, komo, majalah Swa nulis pangasilanana dina sataun leuwih badag ti batan gaji présidén Indonésia.[1] Krisdayanti asup kana salah sahiji ti 6 wanoja pang berkilauna di tv taun 1996 vérsi tabloid Bintang Indonésia, sarta ogé mangrupa salah sahiji ti 99 wanoja pang berpengaruhna di Indonésia vérsi majalah Globe Asia bulan Oktober 2007.[1] Manéhna nempatan peringkat 31 dina daptar kasebut.[1] Komo, manéhna disajajarkeun jeung Marilyn Monroe sarta Madonna minangka lokal brand ambasador Sunsilk dina mimiti taun 2008, Yanti ogé mangrupa béntang film pangmahalna di Indonésia.[1]

Manéhna nikah jeung Anang Hermansyah, musisi ti Jember, Jawa Timur.[1] Rumah-tangga maranéhanana dikaruniaan hiji anak lalaki sarta hiji anak awéwé.[1] Rumah-tangga maranéhanana mindeng diserang gosip ngeunaan perselingkuhan, kawas gosip perselingkuhan jeung Dicky Wahyudi, gitaris Tohpati, sarta Ari Sigit (incu urut Présidén Soeharto).[1] Kabéh gosip ieu dibantah ku Krisdayanti sarta nyatakeun hubunganana jeung salakina alus-alus waé.[1] Perkawinan ieu anggeus dina pertengahan Agustus 2009 ku ayana paménta ti pihak Krisdayanti.[1]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y (id)[1] Archived 2011-12-25 di Wayback Machine (diaksés tanggal 13 Nopember 2011)

Previous Page Next Page






كريسدايانتى ARZ Krisdayanti BJN কৃশদায়ান্তি Bengali/Bangla Krisdayanti English Krisdayanti Spanish Krisdayanti FJ Krisdayanti French Krisdayanti ID Krisdayanti JV 크리스다얀티 Korean

Responsive image

Responsive image