Laut Tengah atawa Laut Méditerania (/ˌmɛdɪtəˈreɪniən/) mangrupa hiji laut nu kasambung ka Samudra Atlantik nu dilingkung ku wewengkon Laut Tengah sarta sapinuhna ampir kalingkung ku daratan: di béh kalér ku Éropa Kidul jeung Anatolia, di béh kidul ku Afrika Kalér, jeung di béh wétan ku Levant. Ieu laut kadang-kadang dianggep minangka bagéan tina Samudra Atlantik, sanajan biasana kaidéntifikasi minangka kumpulan cai nu misah.
Ngaran Méditerania asalna tina kecap basa Latén mediterraneus, nu hartina "di daratan" atawa "ti tengah daratan" (tina medius, "middle" jeung terra, "land"). Ngawengku wewengkon kurang leuwih 2.5 yuta km² (965,000 sq mi), tapi sambunganana jeung Atlantik (Selat Gibraltar) mah rubakna ukur 14 km (8.7 mi). Selat Gibraltar mangrupa hiji selat heureut nu ngahubungkeun Jaladri Atlantik ka Sagara Tengah jeung Gibraltar katut Spanyol di Eropa ti Maroko di Afrika. Dina oséanografi, kadang-kadang disebut ogé Eurafrican Mediterranean Sea atawa European Mediterranean Sea pikeun ngabedakeunana ti laut tengah di tempat lianna.[3][4]
Laut Tengah jero rata-ratana 1,500 m (4,900 ft) sarta titik pangjerona nu kacatet nyaéta 5,267 m (17,280 ft) di Calypso Deep di Sagara Ionia.
Laut Tengah mangrupa ruteu penting keur sudagar katut musafir jaman baheula keur dagang jeung tutukeuran budaya antara jelema nu aya di ieu wewengkon. Sajarah wewengkon Laut Tengah penting keur mikaharti asal muasal katut kamekaran loba masarakat modéren.
Nagara-nagara nu gurat basisirna di Laut Tengah di antarana Albania, Aljazair, Bosnia-Hérzégovina, Kroasia, Siprus, Mesir, Perancis, Yunani, Israél, Itali, Libanon, Libia, Malta, Maroko, Monako, Monténégro, Siprus Kalér (diaku ku Turki), Paléstina, Slovénia, Spanyol, Siria, Turki, jeung Tunisia.