Manuk Temporal range: Jurasik Ahir - Kiwari
| |
---|---|
![]() | |
Malurus cyaneus, anakna | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Subfilum: | |
(unranked): | |
Kelas: | Aves Linnaeus, 1758
|
Ordo | |
|
Manuk nyaéta sato vertebrata tina kelas aves.[1] Cirina boga suku dua, getih haneut, ovipar nu dicirikeun utamana ku ayana bulu, jangjang, pamatuk, sarta tulang nu ronggaan.
Ukuran awak manuk rupa-rupa pisan, ti kolibri nu lembut nepi ka Ostrih jeung Emu nu badag. Tina jihat taksonomi, manuk téh ngawengku 8.800–10.200 spésiés nu hirup kénéh (sarta 120–130 spésiés nu geus punah/tumpur sapanjang sajarah manusa), antukna manuk téh vertebrata sato darat nu paling loba rupana. Gumantung kana spésiésna, kadaharan manuk gé loba rupana, kayaning sari kembang (néktar), tutuwuhan, sisikian, serangga, rodénsia, lauk, réptil, atawa manuk séjén. Najan lolobana liar beurang, tapi aya ogé manuk nu liar peuting, di antarana bueuk jeung alap-alap.
Mirip jeung sababaraha spésiés lauk, loba golongan manuk anu hirupna téh sok ngumbara jauh pisan pikeun ngudag habitat/hawa anu luyu jeung kahirupanana. Aya ogé nu sapanjang hirupna cicing di wewengkon laut, nepi ka bisa saré bari hiber.
Ciri umum manuk di antarana sungut nu teu huntuan, endog nu cangkangna teuas, laju métabolismena gancang, jantung 4 rohangan, sarta rorongkong anu hampang tapi kuat. Ciri umum anu séjénna nyaéta bisa hiber, tapi aya ogé sababaraha spésiés anu teu bisa hiber, di antarana hayam, meri, pinguin, ostrih, kiwi, jeung Dodo nu geus tumpur.
|isbn=
value (bantuan). Disungsi14 Mei 2024