Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Mata uang

Mata uang atawa duit nyaéta pakakas pikeun mayar jual beuli ékonomi, anu dipaké di hiji nagara. Pikeun Indonésia, mata uangna nyaéta rupiah.

Jaman baheula, manusa primitip tacan ngagunakeun duit atawa pakakas tukeur. Ieu alatan dina wayah éta manusa bisa minuhan kabéh kahayangna ti alam sakurilingna. Sabot sumberdaya alam anu maranéhanana paké béak, maranéhanana pindah sarta mimitian ngagunakeun sumberdaya alam anu aya di sakurilingna deui.

Sabot mecenghulna kabudayaan kuna, manusa mimitian nukeur barang bogana jeung barang milik batur, anu disebut barter. Saterusna sanggeus jaman leuwih maju, manusa mimitian ngagunakeun pakakas tukeur, sanajan tacan mangrupa duit. Pakakas ieu disebut "duit barang". Kakara sanggeus manusa ngawasa pamakéan tulisan sarta hurup, dipikawanoh duit anu kawas ayeuna, atawa disebut "duit kapercayaan" (basa Perancis: monnaie fiduciaire).


Previous Page Next Page






Geldeenheid AF Währung ALS Divisa AN عملة Arabic ܙܘܙܐ ARC صولدي ARY عمله ARZ প্ৰচলিত মুদ্ৰা (চলাৰ্থ) AS Валюта AV मुद्रा AWA

Responsive image

Responsive image