Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina Pébruari 2016 |
Musik asal kecap tina basa Yunani, “mousike” sedengkeun basa latinna ,nyaéta “mousica”.[1] Kecap “mousike” asalna tina kecap “mousa” (jama’na mousas), dina basa latin “musa”, basa Yunanina mah “mouskos”, Inggrisna “muse”.[1] Jadi, tina kecap “musica” bijil wéh kecap “musik”.[1] Musik nyaéta sora anu miboga unsur-unsur husus, anu bisa ditarima ku hiji jalma, kalompok, ogé golongan masarakat anu bararéda dumasar kana sajarah, lokasi, budaya jeung karesepna.[1] Aristoteles ngahartikeun musik minangka ébréhan kakuatan tanaga batin jeung kakuatan tanaga panglandian anu asalna tina oyagan rarasa dina hiji réntétan sora (melodi) anu mibanda .[1] Aya ogé nu ngahartikeun yén musik téh nyaéta sora anu dipikaresep ku jalma ogé ngawengku ritmik jeung melodi anu kaatur sangkan genaheun didangukeunna.[2]