Palastik nyaéta bahan anu mibanda salah sahiji tina rupa-rupa organik sintétik atawa sémi-sintétik anu gampang dijieun ngajadi rupa-rupa barang kabutuhan.[1] Bahan palastik biasana mah tina polimér organik anu massa molekulna luhur, sanajan dina prakna mindéng ngandung zat-zat séjén.[2] Palastik sintétik téh biasana mah paling sering diproduksi ku petrokimia, tapi henteu saeutik ogé anu alami.[3][4]
Lantaran biayana anu kawilang murah, pabrik ogé gampileun nyieunna, fléksibilitas, ongkoh deui henteu tembus angin (imperviousness)[5]. Palastik loba pisan dijieun pikeun dimangpaatkeun[6]. Ieu palastik geus ngésérkeun bahan-bahan anu baheula/tradisional dipaké, saperti kai, batu, tanduk jeung tulang, kulit, kertas, logam, kaca, katut keramik.[7] Dina lolobanana geus diganti ku ngamangpaatkeun palastik, malahan nepikeun ka seumat/jepit kertas keur pesawat ruang angkasa.[8]. Dimangpaatkeun ogé keur kaperluan mobil malah (nepi ka 20% pamakéan palastikna), parabot/furniture, ogé cocooan.[9]