Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Pasamakmuran Bangsa-Bangsa

  1. ALIH Citakan:Disambig info
Pasmakmuran Bangsa-Bangsa
Commonwealth of Nations
Bandéra Pasamakmuran Bangsa-Bangsa
MarkasIstana Marlborough
Britania Raya London, Britania Raya
Basa resmi Basa Inggris
Pupuhu
 -  Pupuhu Pasamakmuran Ratu Elizabeth II
(saprak 6 Pébruari 1952)
 -  Sékrétaris Jéndral Kamalesh Sharma
(saprak 1 April 2008)
 -  Pajabat Pupuhu Julia Gillard
(saprak 28 Oktober 2011)
Ngadeg
 -  Déklarasi Balfour 18 Nopémber 1926 
 -  Statuta Westminster 11 Désémber 1931 
 -  Déklarasi London 28 April 1949 
Populasi
 -  Perkiraan  2013 2,5 milyar 
Ramatloka
thecommonwealth.org

Pasamakmuran Bangsa-Bangsa (Basa Inggris: Commonwealth of Nations, the Commonwealth, baheulana Pasamakmuran Britania (Basa Inggris: British Commonwealth), nyaéta hiji organisasi antarpamaréntah ti 54 nagara anggota merdika. Sadaya anggota iwal Mosambik jeung Rwanda baheulana mangrupa bagian ti Kakaisaran Britania, asalna Pasamakmuran diwangun.

Sadaya nagara anggota gawé babarengan dina hiji tujuan, sakumaha diguratkeun dina Déklarasi Singapura. Tujuanana di antarana nyieun pamaréntahan nu ngarojong kana démokrasi, hak asasi manusa, pamaréntahan nu hadé, rule of law, kabébasan individu, egalitarianisme, perdagangan bébas, multilateralisme, sarta karapihan dunya.[1]

Kagiatan dina Pasamakmuran Bangsa-Bangsa dilaksanakeun liwat Sékrétariat Pasamakmuran Bangsa-Bangsa, diluluguan ku Sékrétaris Jéndral, sarta patepungan dua taunan Pupuhu Pamaréntahan Nagara Pasamakmuran Bangsa-Bangsa. Lambang asosiasi nagara-nagara ieu nyaéta Pupuhu Pasamakmuran Bangsa-Bangsa, nu ayeuna dipibanda ku Ratu Elizabeth II. Elizabeth II ogé minangka ratu, sacara kapisah jeung indepénden, ti 16 nagara anggota Pasamakmuran Bangsa-Bangsa, nu kawanoh salaku "Kakawasaan Pasamakmuran".

  1. "Singapore Declaration of Commonwealth Principles 1971". thecommonwealth.org. Sékrétariat Pasamakmuran Bangsa-Bangsa. 22 January 1971. Diakses tanggal 29 July 2011. 

Previous Page Next Page