Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Perang Tiis

  1. ALIH Citakan:Disambig info
Presiden AS Ronald Reagan (kiri) jeung Sekretaris Jenderal Soviét Mikhail Gorbachev, papanggih di Jenewa dina taun 1985.

Perang Tiis (Basa Inggris: Cold War, Basa Rusia: холо́дная война́, kholodnaya voyna, 1947–1991) nyaéta sesebutan kana ayana kategangan politik jeung militer antara Dunya Kulon, nu dipimpin ku Amérika Sarikat jeung sekutu NATO, ngalawan Dunya Komunis, nu dipimpin ku Uni Soviét jeung sekutu nagara-nagara satelitna. Kajadian ieu dimimitian ku kajayaan Sekutu dina ngéléhkeun Jerman Nazi dina Perang Dunya II, nu nyésakeun Amérika Sarikat jeung Uni Soviét nu jadi dua nagara adidaya di dunya ku bédana idéologi, ékonomi, jeung militer nu gedé. Uni Soviét, babarengan jeung nagara-nagara di Éropa Wétan nu dijajahna, Blok Wétan. Prosés pamulihan saanggeusna perang di Éropa Kulon difasilitasan ku program Rencana Marshall Amérika Sarikat, jeung pikeun nandingana, Uni Soviét ogé nyieun COMECON babarengan jeung sekutu Wétanna. Amérika Sarikat nyieun aliansi militer NATO dina taun 1949, sadengkeun Uni Soviét ogé nyieun Pakta Warsawa dina taun 1955. Sababarah nagara milihan pikeun milu kana salah sahiji ti dua nagara adidaya ieu,sadengkeun nu lainna milih pikeun tetep nétral ku dijieunna Gerakan Non-Blok

Kajadian ieu diaranan Perang Tiis ku sabab dua pihak can pernah miluan dina aksi militer sacara nyaan, ngan masing-masing pihak mibanda senjata nuklir nu bisa ngakibatkeun kahancuran nu gedé. Perang Tiis ogé ngabalukarkeun kategangan nu kacida nu dina ahirna ngabalukarkeun ayana konflik militer régional saperti Blokade Berlin (1948–1949), Perang Korea (1950–1953), Krisis Suéz (1956), Krisis Berlin 1961, Krisis Rudal Kuba (1962), Perang Viétnam (1959–1975), Perang Yom Kippur (1973), Perang Afganistan (1979–1989), jeung panembakan Korean Air Penerbangan 007 ku Soviét (1983). Alih-alih miluan dina konflik ku cara nyata, kadua pihak lolombaan ngaléwatan koalisi militer, payebaran idéologi jeung pangaruh, méré bantuan ka nagara klien, spionaseu, kampanyeu propaganda sacara gedé-gedéan, perlombaan nuklir, ngélég nagara-nagara netral, saingan di perlombaan olahraga internasional, jeung kompetisi téhnologi seperti Perlombaan Angkasa. AS jeung Uni Soviét ogé saingan dina rupa-rupa perang proksi; di Amérika Latin jeung Asia Tenggara, Uni Soviét ngabantuan révolusi komunis nu ditentang ku sababaraha nagara-nagara Kulon, Amérika Sarikat mikir pikeun supaya kumaha teu kajadian ngeunaan éta ku cara pangiriman tentara jeung peperangan. Dina rangka ngaleutikan résiko perang nuklir, kadua pihak paheut nyieun panglanyah détente dina taun 1970-an pikeun ngurangan kaharénghéngan politik.

Dina taun 1980-an, Amérika Sarikat ningkatkeun deui tekanan diplomatik, militer, jeung ékonomi ka Uni Soviét dina waktuna nagara komunis éta keur aya dina kamiskinan stagnasi perékonomian. Dina pertengahan 1980-an, présidén Soviét nu anyar , Mikhail Gorbachev, méré nyaho ngeunaan kabijakan réformasi liberalisasi perestroika ("rékonstruksi, réorganisasi", 1987) jeung glasnost ("keterbukaan", ca. 1985). Kabijakan ieu ngabalukarkeun Soviét jeung nagara-nagara satelitna dilanda ku gelombang Révolusi damai nu diengpikeun ku runtuhna Uni Soviét dina taun 1991, jeung dina ahirna nyésakeun Amérika Sarikat nu jadi hiji-hijina kakuatan militer nu pantohagana di dunya. Perang Tiis jeung rupa-rupa kajadian nu séjénna ngabalukarkeun akibat nu gedé ka dunya jeung sok disebutkeun dina budaya populér, khususna dina média nu némbongkeun téma spionaseu jeung ancaman perang nuklir.


Previous Page Next Page