Rano Karno (gumelar di Jakarta, 8 Oktober 1960; umur 64 taun) nyaéa saurang aktor sarta pulitisi asal Indonésia.[1] Manéhna nyaéta aktor Indonésia anu kasohor minangka Si Doel dina film sinétron Si Doel Anak Sekolahan.[1] Bapana nyaéta saurang aktor kawakan, Soekarno.M.Noer.[1] Sajaba ti éta manéhna ogé miboga dulur anu sarua maén film nyaéta Tino Karno jeung Suti Karno.[1] Manéhna kungsi diberitakeun jadi pendamping Fauzi Bowo minangka wawakil gubernur dina pemilihan gubernur DKI Jakarta taun 2007.[1] Maret 2008, manéhna jadi Wawakil Bupati Tangerang pikeun période 2008-2013.[1]
Rano nikah jeung Dewi Indriati 8 Pebruari 1988 sarta boga dua anak, Raka Widyarma jeung Deanti Rakasiwi.[1] Rano Karno kungsi diangkat minangka duta husus Indonésia dina widang atikan ku UNICEF, hiji anggota di PBB (Perserikatan Bangsa Bangsa) anu usik dina widang atikan.[2] Rano bisa jadi duta UNICEF ti Indonésia, sanggeus direkomendasikeun ku Prof Dr Emil Salim, Prof. Dr. Adhyatma, Ibu Prof. Singgih, jeung Ibu Prof Murprawoto.[2]