Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Sa'ir

Sa'ir téh nyaéta ngaran salah sahiji wanda puisi tradisional, asal tina sastra Arab (Islam). [1] Dina sapadana matok diwangun ku opat-opat padalisan, unggal padalisan angger jumlah engangna, murwakantina laraswekas.[1] Bédana jeung sisindiran, dina sa’ir mah euweuh bagian cangkang, kabéhna téh mangrupa eusi, sarta biasana tara gembleng dina sapada digunakeun dina déskripsi atawa narasi, tapi dina wangun narasi mah kawilang teu pati produktip. Mimindengna mah dipaké dina wacana sawér atawa pupujian. [1]

  1. a b c Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 9786027785786. 

Previous Page Next Page








Responsive image

Responsive image