Sajarah asalna tina basa Arab, nyaéta syajarotun nu hartina tangkal, turunan, atawa asal-usul. Ieu kecap téh asup kana basa Malayu dina abad ka-13 Masehi. Ari asupna kana basa Sunda mah kira-kira dina abad ka-17 Masehi, patali jeung agama Islam di wilayah Sunda. Pentingna sajarah atawa turunan téh dina budaya masarakat Arab mah jéntré pisan. Hal ieu kagambar dina susunan pancakaki urang Arab nu tepi ka 20 tingkatan. Patali jeung pancakaki katut sajarah, silsilah Raja Yogya disusun dina wangun tangkal. Ari di Sumedang mah aya Kitab Pancakaki nu disusun ku Raden Arya Suryalaga. Ieu kitab téh kiwari jadi koléksi Museum Pangéran Geusan Ulun, Sumedang. Sajarah geus ilahar digunakeun salaku watesan umum pikeun béja atawa émbaran ngeunaan jaman baheula, saperti dina "sajarah géologis Bumi". Lamun dilarapkeun salaku hiji widang ulikan, sajarah hartina sajarah manusa, nyaéta ingetan atawa kajadian kahirupan sosial manusa baheula nu karékam atawa kacatet. Harti sajarah dina basa-basa Nusantara mekar jadi carita, kisah, hikayat, riwayat, babad, tambo, tutui teteek. Dina basa Sunda éta ngaran téh di antarana carita, sajarah, babad, carios, hikayat, lalakon, jeung wawacan. Pikeun éta istilah téh dina basa Arab mah disebutna qosos. Sajarawan ngagunakeun sabararaha rupa sumber, kaasup tulisan atawa rekaman citak, wawancara (sajarah oral), jeung arkéologi. Pamarekan pikeun ngulik sajarah dina unggal jaman bisa béda-béda. Kajadian-kajadian nu lumangsung méméh ayana catetan manusa disebut prasajarah.[1]