Saron nyaéta salah sahiji waditra perangkat gamelan boh pélog boh saléndro anu dijieun tina logam, dimaénkeun ku cara ditakol maké panakol.[1] Kecap saron asalna tina kecap soran, hartina sora anu tarik (basa Jawa Tengah Yogyakata), jadi saron nyaéta waditra anu sorana tarik/ méncrong.[2] Aya ogé numutkeun kamus basa Sunda saron nyaéta gambang leutik igana aya genep jeung dijieunna tina perunggu.[3] Di Daérah Banten, saron disebut salukat, asal kecapna tina salu anu hartina panggung, dadampar, jojodog, jeung kat (Dukat), hartina emas.[2] Jadi Salukat (Saron) nyaéta tempat pangagung anu dilapis emas (perunggu anu geus dipulas emas).[2] Waditra séjén anu sajenis jeung saron nyaéta demung/panerus (Saron leutik) jeung salentem.[2]