Sasak atawa jambatan nyaéta sebutan umum pikeun hiji wangunan anu dijieun ajang meuntasan jungkrang atawa anu lianna, misalna walungan, rél karéta, jalan raya, jsb. Sasak diwangun pikeun diliwatan di luhureun nu dipeuntasan. Ieu istilah sasak gé sok dipaké sacara umum, sangkan nyebut rawayan jeung cukang gé sok ku ieu istilah.