Sianida nyaéta sanyawa kimia anu ngandung gugus siano (C≡N, atom karbon jeung nitrogén pabeungkeut rangkep tilu). Ilaharna, sianida anorganik téh garam tina anion CN−[1][2]. Sanyawa organik nu boga gugus fungsi –C≡N disebut nitril. Ti antara rupa-rupa sanyawaan sianida, lolobanaana mah gas, anu mun bisa ngaleupaskeun ion sianida CN− bisa bahya pikeun sasatoan[3].
Conto nitril nyaéta CH3CN, asétonitril (étananitril mun ceuk IUPAC téa mah), atawa nu ogé katelah sianida métil. Nitril teu ngaleupaskeun ion sianida.Gugus fungsi nu ngabeungkeut hindoksil jeung sianida dina hiji atom karbon disebutna sianohidrin, anu bisa ngalaman hidrolisis jadi hidrogén sianida jeung sanyawaan karbonil (keton atawa aldehida).