Tiamin atawa nu katelah ogé vitamin B1, mangrupa sanyawa teu warnaan kalawan rumus kimia C12H17N4OS. Tiamin leyur dina cai, teu leyur dina alkohol, sarta bakal ruksak mun dipanaskeun. Tiamin munggaran kapanggih ku Umetaro Suzuki di Jepang nalika nalungtik kumaha béas bisa ngubaran pasén Béribéri. Sanyawa ieu ku anjeunna dingaranan asam aberat.