Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Uga

Topik Uga
Kotak ieu: temposawalaédit

Dina kahirupan masarakat Sunda aya hiji kapercayaan parobahan sosial katut pulitik nagara mangsa pingburi (mangsa nu bakal datang) téh lumangsung lantaran geus ditangtukeun ku ramalan para karuhunna. Éta kapercayaan téh sok disebut uga. Adimiharja, sakumaha nu dikutip ku Yayat Sudaryat (1997:136) nétélakeun yén ramalan karuhun téh henteu ngan di kalangan masarakat Sunda baé, tapi ogé di kalangan masarakat lianna. Upamana waé, di kalangan Jawa aya istilah ramalan Jagabaya, di kalangan masarakat béh wétan (Sélér bangsa Irian Jaya) aya istilah cargo cults, jeung saterusna. LBSS nétélakeun yén uga téh hartina tujuman nu patali jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara atawa daérah. Geus nepi kana ugana, hartina geus nepi kana waktu anu ditujum ku karuhun.

Aya sababaraha conto uga, di antarana:


Previous Page Next Page








Responsive image

Responsive image