Istilah hijian atawa hijian ukuran (basa Indonésia: satuan ukuran) digunakeun pikeun mastikeun kabeneran ukuran atawa sabagé harga baku (standar) pikeun ngabandingkeun alat ukur, alat naker, timbangan sarta pikeun nangtayungan kapentingan masarakat. Hijian digunakeun dina rupa-rupa widang élmu pikeun netepkeun rupa-rupa ukuran, rumus sarta data.
Définisi, perjangjian katut kagunaan hijian geus ngajalankeun pancén anu penting pisan dina kahirupan manusa ti bihari ka kiwari. Rupa-rupa sistem ukuran geus ilahar digunakeun. Kiwari aya standar anu lumaku sadunya, nyaéta sistem internasional pikeun ukuran, International System (SI), anu mangrupa wangunan moderén tina sistem métrik. SI geus diterapkeun di sakuliah dunya. Dina jual beuli, beurat jeung ukuran-ukuran lian mindeng jadi jejer aturan pamaréntah, pikeun ngajamin kaadilan jeung kaatraan. Bureau international des poids et mesures (BIPM) boga pancén ngajamin kasaragaman ukuran sadunya jeung ngajamin kamampuhan napaklacak (tracéability) hiji ukuran ka SI. Métrologi mangrupa élmu pikeun ngamekarkeun hijian beurat jeung ukuran lianna anu bisa ditarima sacara nasional jeung internasional.
Dina fisika jeung métrologi, hijian mangrupa standar pikeun ukar-ukur kuantitas fisis anu merlukeun définisi kalayan jelas supaya boga mangfaat. Réproduksibilitas hasil-hasil ékspérimen penting pisan dina métoda ilmiah. Hiji sistem hijian ukuran anu baku ngagampangkeun hal lieu. Sistem hijian ilmiah mangrupa panyampurnaan tina konsép beurat jeung ukuran lian anu mekar bihari pikeun tujuan komérsial.
Sains, élmu medis, sarta élmu teknik mindeng ngagunakeun hijian ukuran anu leuwih gedé atawa leuwih leutik batan anu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Pamilihan hijian ukuran anu taliti bisa ngabantu para panalungtik dina méréskeun perkara.