Sok sanajan pamakéan logo pohara gunana pikeun nulungan dina nuduhkeun yén hiji artikel téh aya patalina jeung pausahaan pamilik éta logo, patalianna antara pausahaan-pausahaan jeung logona éta téh bisa jadi jejer nu sénsitif pikeun pausahaan-pausahaan tinangtu nu kudu disanghareupan sangkan ati-ati.
Alesan pamuatan hiji logo kana énsiklopédi sarua siga ngawuwuhkeun foto diri, minangka conto, Rano Karno atawa Krisdayanti. Hésé pikeun ngajéntrékeun ciri diri ari tanpa poto mah, pirakuna kudu dijéntré "Rano Karno anu mibanda karang jadi dina lebah katuhu gadona sarta miara kumis ngajegir...". Saéstuna kurang pati éféktif mun ditulis samodél kitu, ku kituna kalolobaan pamaké ngarasakeun mangpaatna mun hiji artikel diwuwuhan foto. Sok sanajan kitu, teu siga foto jalma, anu gampang pisan nyomotanana kalawan bébas dina internét, demi logo pausahaan mah umumna sok ditangtayungan ku hak cipta atawa hak mérek dagang. Ku kituna, pamakéan logo kudu nurutkeun palanggeran pamakéan anu adil Wikipédia.
Ari di Indonésia, pamakéan logo di Wikipédia nurutkeun aturan dina Undang-Undang Nomor 28 Tahun 2014. Sarupaning logo bisa dibagi jadi dua dumasar lisénsina, nyaéta logo domain umum jeung logo pamakéan wajar.