Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Yayuk Basuki


Yayuk Basuki

Nany Rahayu Basuki Suharyadi atawa leuwih kasohor ku sebutan Yayuk Basuki nyaéta salah sahiji pamaén ténis ti Indonésia nu kasohor dina taun 1990-an.[1][2] gumelar di Yogyakarta, 30 Oktober 1970; umur 54 taun. Anak kalima ti lima sadudulur ieu asup ka hiji klub ténis di Ragunan, Jakarta nepi ka taun 1989.[1] Tuluy dilatih ku sababaraha pelatih, tapi nu paling gedé jasana mah nyaéta Mien Gondowidjojo.[1]
Ngamimitian karir professional taun 1990.[2] Yayuk mimiti fokus dina ténis profesional nalika balik ti Beijing dina bulan Oktober 1990 sarta dilatih ku George Jiri Waters.[1] Dina taun nu satuluyna, Yayuk jadi pamaén ténis Indonésia nu munggaran meunangkeun turnamén profesional.[2] Pers jeung masarakat luar méré jujuluk “Jaguar of Asia”.[1] Ieu jujuluk dicangking ku Yayuk nalika meunangkeun turnamén ténis di Pattaya, Thailand 1991.[1] Dina turnamén Challenge II di Jakarta, réngking Yayuk ka-259 WTA bulan Pébruari 1991 tapi dina awal April 1991 nalika turnamén Pattaya, Tahiland réngkingna naék jadi ka 86.[1]
Sapanjang karirna di dunya ténis, Yayuk geus meunangkeun genep gelar tunggal Tur WTA jeung salapan gelar ti ganda.[2] Préstasi nu pangpunjulna nyaéta dina turnamén Grand Slam nu ngahontal babak perempat final Wimbledon dina taun 1997.[2] Yayuk pangsiun tina karir professional dina taun 2004.[2] Réngking pangluhurna nu kungsi kahontal ku Yayuk nyaéta posisi ka-19 pikeun bagéan nu tunggal jeung posisi ka-9 keur bagéan nu ganda.[2]

  1. a b c d e f g Yayuk Archived 2010-12-22 di Wayback Machine (Diakses tanggal 5 Nopember 2011) (id)
  2. a b c d e f g Firdaus, Sofyan.2009.Permainan Tenis Lapangan.Jakarta:Ricardo (id)

Previous Page Next Page