Dapur (basa wewengkon brebes: goah) atawa pawon nyaéta rohangan imah nu di tukang, paranti mirun seuneu, masak, nyangu jsb.[1][2][3] Baheula mah dapur biasana mangrupa sorondoy atawa sosompang tina badan imah panggung.[3] Bagian-bagian dapur aya parako jeung hawuna, para seuneu sarupa lalangit pikeun neundeun hasil palawija nu digaringkeun.[3] Sacara tradisi rohangan dapur ngahiji jeung goah .[3] Nalika beurang supaya rohangan dapur caang dibéré tidak (hiji atawa opat kenténg dibuka supaya cahaya matapoé asup) atawa maké sababaraha kenténg kaca.[3] Dina kamekaranana, dapur biasa maké gandela eram kawat, atawa sarigsig keur tempat asup kaluar; aya ogé anu hateupna maké badak heuay.[3][4]