Imah

Imah di Jalan Fishpool, St Albans, Inggris

Harti lain tina imah tempo di Imah (disambiguasi).

Imah dina harti nu geus umum nyaéta struktur wangunan beunang manusa nu dihalangan atawa dipindingan ku dingding jeung diiuhan hateup.[1] Imah mangrupa hiji tempat keur nyingkahan présipitasi, kaanginan, kapanasan, katiisan, gangguan manusa jeung sato.[1] Masarakat sakapeung indit ti imah dina waktu sababaraha poé keur kaperluan digawé jeung rékréasi, tapi umumna balik deui ka imah nu boga fungsi utama keur saré.[1]Imah disebut ogé bumi; rorompok kagunaan utamana pikeun tempat jelema cicing beurang – peuting.[2][3]


Sacara umum imah mibanda hiji jalan asup, nu ilaharna mangrupa panto atawa gapura, kalawan bisa waé mibanda sababaraha jandéla atawa leuwih tihiji.[2] Tapi jaman kiwari mah, geus loba imah anu teu ngan ukur miboga hiji panto.[1]

  1. a b c d H Nguyen, Nam (2018). Basic, Intermediate and Advanced Grammar and Composition In English-Sundanese. Jakarta: Nam H Nguyen. 
  2. a b Danadibrata, R. Alla (2018). Kamus basa SundaKamus basa Sunda, R. Alla Danadibrata. Jakarta: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama,jeung Universitas Padjadjaran. 
  3. Abdurahman Bambang Prawiro, Misno (2015). Pesona Budaya Sunda:: Etnografi Kampung Naga. Jakarta: Deepublish. p. 157. ISBN 9786232091047. Diakses tanggal (disungsi) 10 April 2020. 

Imah

Dodaje.pl - Ogłoszenia lokalne