Kawih

Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga).[1] Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger).[1] Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan.[1] Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.[1]

Kawih mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh.[1] Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan.ari rumpaka kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.[1]

  1. a b c d e f Sumarsono Tatang, Dkk 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda kelas XI (Jilid ka-II), Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Kawih

Dodaje.pl - Ogłoszenia lokalne