Parako nyaéta tempat paranti neundeun hawu anu dijieun tina taneuh. [1] Sakurilingna diwatesan ku awi atawa kai beunang meulah, hawu diparakoan téh sangkan seuneu jeung ruhak henteu ngalentab kana palupuh ogé lebuna henteu awur awuran kaluar, parako ilaharna parako ayana dina imah panggung. [2][3][1][4]