Prancis (Basa Perancis: IPA: [fʁɑ̃s]), ngaran resmina Républik Prancis (Basa Prancis: République française, IPA: [ʁepyˈblik fʁɑ̃ˈsɛz]), nyaéta hiji nagara nu wewengkon metropolitannana perenah di Éropa Kulon sarta ngawengku ogé rupa-rupa kapuloan jeung wewengkon peuntas sagara nu aya di buana séjén.[10] Metropolitan Prancis manjang ti Sagara Méditerania tepikeun ka Kanal Inggris jeung Sagara Kalér, sarta ti Rhine tepikeun ka Samudra Atlantik. Urang Perancis sering ngarujuk Metropolitan Perancis minangka L'Hexagone ("Segi Genep" ("Héksagon")) alatan wangun géometris teritorina.
Prancis diwatesan ku Belgia, Luksemburg, Jerman, Swiss, Itali, Monako, Andora, jeung Spanyol, sedengkeun bagean peuntas sagarana, Perancis ogé babagi wates lemah jeung Brazil sarta Suriname (ngawatesan Guiana Perancis) , sarta Antilles Walanda (ngawatesan Saint-Martin). Prancis ogé numbu ka Karajaan Ngahiji ku Channel Tunnel, nu meuntasan sahandapeun kanal Inggris.
Républik Prancis mangrupa nagara démokrasi anu bentukna républik semi-presidénsial kahijian. Idé utamana diekspresikeun dina Déklarasi Hak Asasi Manusa jeung Warga Nagara. Dina abad ka-18 jeung ka-19, Prancis ngawangun salah sahiji karajaan kolonial panggedéna, ngawengku sababaraha wewengkon di Afrika Kulon jeung Asia Tenggara, sarta méré pangaruh budaya jeung pulitik ka wilayah éta. Prancis kaasup nagara maju dibarengan ku ékonomi anu panggedéna kagenep di dunya. Prancis mangrupa nagara anu pang lobana didatangan ku turis di dunya, narima leuwih ti 79 yuta turis asing satiap taun (kaasup jelema anu arék bisnis, tapi henteu kaasup jelema anu cicing kurang ti 24 jam di Prancis). Prancis téh salah sahiji anggota anu ngadegkeun Uni Éropa, jeung miboga wilayah daratan panggedéna diantara kabéh anggotana. Prancis ogé mangrupa anggota anu ngadegkeun Perserikatan Bangsa-Bangsa, sarta anggota Francophonie, G8, jeung Uni Latin. Prancis dina PBB jadi salah sahiji tina lima anggota tetep Déwan Kaamanan Perserikatan Bangsa-Bangsa. Ngaran Prancis dumasar tina Frank (Franc), urang Jermanik anu nempatan Eropa kalér saenggeus runtuhna Kakaisaran Romawi Kulon. Leuwih benerna, wilayah di sabudeureun Paris, anu disebat Île-de-France, nyaéta taneuh karajaan Prancis anu asli. Raja Frank kahiji, Clovis, dianggap salaku karuhun raja-raja Prancis.
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama metropolitan_France