Sastra téh asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.[1][2]
Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. Jadi Sastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.[1] Dina budaya Sunda aya nu disebut susastra anu hartina tulisan anu éndah.[1] Numutkeun A.Teeuw sastra téh etimologina tina basa Yunani téa littera; nu harti saujratna nyaéta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsa Latin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antarana Inggris, Prancis, jeung Belanda.[3] Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciri basa tinulis.[3] Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeung basa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tina basa lisan nu disebut sastra lisan téa.[3]