Tarang (basa hormat: Taar; basa Indonesiana dahi; forehead dina basa Inggris), nyaéta bagéan tina awak manusa anu pernahna dina sirah, tarang mangrupa kulit anu di luhur jeung gigirna ngawates ku buuk anu jadi dina sirah, tarang diwangun ku tilu bagéan : dua tulang tangkorak jeung kulit sirah. Tarang beulah handapna diwates ku tulang anu ngajendul kaluar supraorbital, tayalian bagéan tulang tangkorak saluhureun panon (kongkolak panon). Beulah kénca jeung katuhuna diwates ku tulang temporal tayalian tulang anu ngaraketkeun supraorbital jeung koronal beulah luarna.[1][2]