Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Gayung

Sisiuk cai
Gayung

Gayung nyaéta sisiuk cai di kamar mandi.[1] Umumna kamar mandi di tiap imah di Indonésia mah miboga gayung salaku pasangan tina bak mandi.[2] Ieu gayung téh asalna mah sebutan umum pikeun sisieuk cai, kaasup dina nyebutkeun siwur.[2] Ngan kiwari gayung téh dibasakeun kana sisiuk cai anu dijieun tina bahan palastik.[2] Ari alesan dijieun tina palastik téh lantaran biayana leuwih murah jeung leuwih hampang dina palebah makéna.[2] Ari kagunaan utamana nya pikeun nyiuk cai, boh cai tina bak mandi atawa cai tina buyung.[2]

Pamakéan gayung di kamar mandi kacida dibutuhkeun pisan, komona mah kamar mandi nu teu aya pancuranan atawa kran atawa shower.[2] Dipaké ogé ieu gayung téh jang cécéwok saanggeus ngising.[2] Di wewengkon nu modérn mah jigana hésé pisan néangan kamar mandi nu aya gayungan téh lantaran mersihanana geus maké shower.[2]

  1. Dadadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Karya R.A. Danadibarata.
  2. a b c d e f g h Wikivisually. Gayung. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.

Previous Page Next Page






Cédok BAN Tabo BCL Gayung BDR Gayung BJN Tabo (hygiene) English Gayung ID Tabo (ịdị ọcha) IG

Responsive image

Responsive image