Pindang mangrupa hasil olahan lauk ku cara dikulub maké uyah.[1] Ngahasilkeun produk lauk nu awét tapi kadar uyahna leutik.[2] Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia, pindang miboga harti lauk anu diuyahan jeung dibumbuan tuluy dihaseupan atawa dikulub nepi ka garing sangkan awét".[3] Sanggeus diolah, biasana wadah masak lauk sok langsung dipaké jadi wadah neundeun jeung ngangkut pindang.[4]
Pindang miboga rupa, rasa, tékstur, jeung kaawétan anu has jeung loba variasina luyu jeung jinis lauk, kadar uyah, jeung lila ngulubna.[4] Lauk anu umumna dipindang nyaéta lauk-lauk pelagis siga lauk layang, selar, japuh, lauk tembang, lamburu, lauk kembung, tuna, cakalang, jeung tongkol.[1] Olahan séjén anu dihasilkeun tina lauk pindang nyaéta petis lauk.[4]
Béda jeung lauk asin, cara ngolah pindang anu maké uyah dibarung ku prosés pemanasan ngahasilkeun pindang miboga karakteristik anu unik.[4] Lauk anu leutik dipindang dina kayaan utuh sedengkeun lauk anu garedé dipindang sanggeus dipotongan heula.[4]