Suten atawa pingsut (dialék Ciamis: tijah) nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock,Paper,Scissors anu kawéntar sadunya, ngan pédah dilakukeunana maké ramo. Suten biasa dipaké pikeun nangtukeun saha anu jadi ucing dina kaulinan ucing sumput, ucing-ucingan, jsb.